Senin, 04 Juni 2012

Fikmin #Bangke Anjing Hareupeun Istana#

Fikmin #Bangke Anjing Hareupeun Istana#

Geus rek saminggu eta budak lalaki nu kira-kira umurna  dua welas taun nangtung hareupeun Istana Presiden. Bajuna keuleuheu awakna rudin, beungeutna oge katembong kanyos. “Jang, keur nanaon di dieu “ ceuk Paspampres 
“Kuring  rek nepungan presiden” tembalna.
“Presidenna ge euweuh keur ka luar nagri”…. Na rek naon kitu ka presiden?” .
“Kuring rek nanyakeun naha bengsin rek naek?”
“Enya…” tembal Paspampres.
“Euh mun kitu mah nya kumaha nasib kuring, adi-adi kuring jeung  indung kuring . Ayeuna ge kuring jeung kulawarga  pan susah kacida” ceuk eta budak.
“Jig we atuh tepikeun  ka DPR, tuh belah ditu…tah   ieu ongkos keur naek Kopaja, sesana mah pake dahar we”
Dua poe ti harita di hareupeun Istana gujrud bari nutupan irung. “Bangke anjing bangke anjing !” cenah bari nunjuk bangke nu ngalumuk di hareupeun istana. Salah saurang Paspamres geuwat neangan karung tuluy nyampeurkeun bangke nu di tutupan ku koran. Barang di buka eta Pasamres teh ngahuleng, ningali  budak lalaki umur dua  welas taun  , dina saku katembong aya duit sapuluh rebu. 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Text widget

About

Diberdayakan oleh Blogger.