Senin, 04 Juni 2012

Fikmin #Robot Spiderman#

Geus meh sajam Wawan ngajanteng hareupeun toko, nyerangkeun robot Spiderman dina kaca. Sabot kitu leungeuna ngodok saku, pasti moal pimahieun pikeun meuli robot spiderman. Ladang nyemir sapatu tara aya sesana, kabeh di bikeun ka indungna. Sesana paling di pake jajan. Saban manehna ngaliwat ka toko cocoan di lebah pengkolan, pasti manehna nangtung dina hareupeun kaca toko. Harita, basa manehna ngaliwat robot the euweuh. Sabot ngalieuk ka jero, budak lalaki pantar manehna keur nanangkeup robot Spiderman bangun nu agul jeung bungah. Ti harita mun pareng Wawan ngaliwat ka toko cocoan lebah pengkolan mun pareng ngalieuk ka lebah kaca, hatena sok ngadadak nyeredet .

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Text widget

About

Diberdayakan oleh Blogger.