Ret deui manehna kana arloji. Geus liwat satengah jam tinu
waktu nu dijangjikeun. Telepon deui kitu? Teu kudu lah, da tadi ge Si Mamih
sakitu jentrena, jam dalapan cenah. “Pokona
nu ieu mah mantab we Bos, Janda
Kembang…dijamin serpis memuaskan” kitu ceuk si Mamih teh. Nyebut janda kembang
teh ras ka anakna nu cikal S Erni, geus sataun cenah rarandaan lantaran
salakina ngancrud. Geus meh tilu taun manehna teu panggih jeung anakana
sabada ngilu jeung pamajikanana nu geus dipirak lan taran
kapanggih salingkuh jeung anak buahna. Teu kungsi lila aya nu ngetrok kana
panto hotel bari dituturkeun ku sora halimpu “Selamat malam. Om” bari bray panto muka, belenyeh
awewe sampulur make baju ngepas pulas buereum. Ngan sajorelat eta imut awewe
sampulur the ngoceak . “Papihhhhh……”
cenah bari ngagabrug. Manehna olohok bari istigfar. “Erni…!!.” Les kapiuhan.
Tampilkan postingan dengan label Fikmin Sunda. Tampilkan semua postingan

Minggu, 10 Juni 2012
Fikmin #Boneka#
“Mun uih nyanadak boneka kanggo
Ima nya , Pa !”. Bapana nyampeurkeun, tuluy ngusapan buukna. Geus kitu mah
bapana indit , norobos simpena peuting. Ti harita Ima remen nanyakeun ka
indungna, iraha bapana balik, manehna hayang geura boga boneka, manehna hayang
geura sare di barengan ku boneka. “Sabar …nya” kitu jawaban indungna. Teuing
geus sabaraha puluh kali saban nanyakeun bapana jeung boneka ukur di jawab
sabar. Bapana euweuh bejana, can karuhhan iraha datangna. Nu aya teh dua urang
lalaki turun tina mobil tuluy ngobrol jeung indungna. Ti saprak kadatangan tamu eta, saban ditanyakeun iraha
bapa balik indungna kalah ceurik bari ngusapann buukna. Kadieu nakeun Ima
kakaranya nyaho yen cenah nu datang teh
pulisi. Nya ti harita bapana teu datang deui. Harepan yen bapana bakal datang
mawa boneka tetep aya dina implengan
Ima.
Selasa, 05 Juni 2012
Man tarokkaa….
Mangsa keur budak , imah kuring teh deukeut ka masjid. Bada
magrib nepi ka waktu isya kuring ngaji
di masjid eta. Nu ngawurukna, ajengan ,sok di sebut si Abah. Umurna mah kuring
leuwih tujuh puluh taunan. Pangawakanana pendek dedepe, sorana ngosom semu handaruan.
Kana udud nyandu kacida, da sabot ngawuruk teh teu eureun-eureun roko napel
dina bahamna. Mun keur ngawuruk teu weleh ngenyod udud atawa ngetrukeun calacah kana asbak nu aya
hareupeunana.
Pun bapa mah ajrih temenan ka Abah teh. Elmuna luhung cenah. Da sa kacamatan
mah moal aya nu ngabandingan kana elmu agamana, utamana kana tafsir. Di masjid
eta, abah bisa di sebut “imam besar na”. Kabeneran we da bumina ngarendeng
jeung masigit, malah rek sasuhunan pisan. Jadi munasabah mun aya wae di masjid teh.
Saban waktu anjeuna ngimaman di eta masjid. Sakapeung mun keur kebeneran aya
halangan , pun bapa nu sok kapeto ngimaman teh, nu sejen mah tara aya nu wanieu
n lantaran mun kurang paseh bacaan solat
sok digengeunggeureuhkeun.
Kuring jeung babaturan ngaji di
wuruk ku Abah teh utamana dina ngaderes juz ama, jeung diajar tajwid. Carana,
maca saayat, tuluy eta ayat teh diterangkeun tajwidnya. Nu kitu teh
ngran a praktikum, ceuk istilah Abah mah. Cindekna ngalarapkeun tajwid langsung
tina quran, bari di lagukeun. Metode nerangkeun tajwidna ge kawilang simpel.
Contona, mun nerangkeun hurup qolkolah teh cukup disebut “baju di toko” anu
hartina huruf kolkolah teh nya eta “ba” “jim” “tha” jeung “qof”. Ku cara kitu,
gancang kahartina. Di sagedengeun tajiwid ge kungsi ngilu ngulik nahwu shorof, ngan eta mah rada
beurat, kakara apal teh ngan
istilah fi’il madhi, fi’il amr, jeung fiil mudore. Teu junun ngaji teh, loba
gogoda na, jeung nu poko mah hoream we deuih. Jeung deuih mun keur ngaji sok loba nu nyampeur lalajo
bioskop misbar.
Nyelang tina ngawuruk ti Abah sok
ngajarkeun lalaguan atawa pupujian. Salah sahiji pupujian teh kieu unina “Man
taroka sholatan khomsi , abdan muta’amilah, faja uhum, fajaja uhum, jahaman
kholidan piha” tuluy we di tarjamahkeun “Saha jalma nu ninggalkeun sholat, lima
waktu bari dihaja, mangka di bales, mangka di bales, dilanggengkeun di naraka
jahanam”. Asa genaheun tah pupujian teh. Beres ngaji teh sok ngahaja eta
pupujian teh di haleuangkeun patarik-tarik, malah sakapeung sok bari
rerengkenekan, ku Abah tara di geunggeureihkeun, ngan mun geus kamalinaan sok
di sentak.
Bakat ku mindeng mah dinyanyikeun
eta pupujian teh geus apal deui. Malah basa kuring geus nincak dewasa eta
pupujian teh sok di hariringkeun keneh. Ngan ayeuna mah tara di barung ku
rerengkenekan, komo palebah kalimah nu
panungtung mah “mangka di bales, dilangengkeun di naraka jahanam” mah sok
ngadadak hate teh ngaleketey malah kadituna mah sok rada ngahuleng ,
kalan-kalan sok teu karasa bedah cimata. Mun emut kana eta pupujian, ras oge emut ka Abah nu tos lami ngantunkeun . Kadieunakeun
, saban talangke ari jeung hoream solat teh, raray Abah nu keur
ngagalindengkeun “ man tarokka..” sok eces nembongan.
Senin, 04 Juni 2012
Fikmin # Mas Sampah#
Euweuh nu apalaeun ngaran aslina, di landih Mas Sampah teh
bane wae pagaweanana mulungan runtah di RW. Sabulan sakali meunang gajih tina
uduna warga. Dumukna di sosompang masigit, nyorangan. Teu anak teu bojo, estu nunggeulis. Minggu harita Mas
Sampah kalintang sibukna, pedah rek aya lomba kebersihan tingkat kacamatan.
Isuk sore ngadorong roda runtah pulang anting. Awak nu regeng ketingali beuki
begung, katambah deuih panyakit asma na sok remen jadi ari gawe beurat teuing
teh. Sabada beres di peunteun di umumkeun dina speker masjid ku ibu RW yen kebersihan di eta RW pinunjul juara kahiji sakecamatan. Beres
ngumumkeun, soloyong Ibu RW teh ka sosompang masjid panasaran pedah si Mas
Sampah geus dua poe teu tembong. Diketrok sababaraha kali euweuh nu nembelan,
Ibu PKK maksa asup ka sosompang nu rupek. Kasampak Si Mas Sampah keur
nangkuban, sabada di guyahkeun awakna oyag kabeh, Bu RW ngoceak, bari teu lila
ngucapkeu n “Inna lillahi waina ilaihi rojiun”
Fikmin #Robot Spiderman#
Geus meh sajam Wawan ngajanteng hareupeun toko, nyerangkeun
robot Spiderman dina kaca. Sabot kitu leungeuna ngodok saku, pasti moal
pimahieun pikeun meuli robot spiderman. Ladang nyemir sapatu tara aya sesana,
kabeh di bikeun ka indungna. Sesana paling di pake jajan. Saban manehna
ngaliwat ka toko cocoan di lebah pengkolan, pasti manehna nangtung dina
hareupeun kaca toko. Harita, basa manehna ngaliwat robot the euweuh. Sabot
ngalieuk ka jero, budak lalaki pantar manehna keur nanangkeup robot Spiderman
bangun nu agul jeung bungah. Ti harita mun pareng Wawan ngaliwat ka toko cocoan
lebah pengkolan mun pareng ngalieuk ka lebah kaca, hatena sok ngadadak nyeredet
.
Fikmin #Bangke Anjing Hareupeun Istana#
Fikmin #Bangke Anjing Hareupeun Istana#
Geus rek saminggu eta budak lalaki nu kira-kira umurna dua welas taun nangtung hareupeun Istana
Presiden. Bajuna keuleuheu awakna rudin, beungeutna oge katembong kanyos.
“Jang, keur nanaon di dieu “ ceuk Paspampres
“Kuring rek nepungan
presiden” tembalna.
“Presidenna ge euweuh keur ka luar nagri”…. Na rek naon kitu
ka presiden?” .
“Kuring rek nanyakeun naha bengsin rek naek?”
“Enya…” tembal Paspampres.
“Euh mun kitu mah nya kumaha nasib kuring, adi-adi kuring
jeung indung kuring . Ayeuna ge kuring
jeung kulawarga pan susah kacida” ceuk
eta budak.
“Jig we atuh tepikeun
ka DPR, tuh belah ditu…tah ieu
ongkos keur naek Kopaja, sesana mah pake dahar we”
Dua poe ti harita di hareupeun Istana gujrud bari nutupan
irung. “Bangke anjing bangke anjing !” cenah bari nunjuk bangke nu ngalumuk di
hareupeun istana. Salah saurang Paspamres geuwat neangan karung tuluy
nyampeurkeun bangke nu di tutupan ku koran. Barang di buka eta Pasamres teh
ngahuleng, ningali budak lalaki umur
dua welas taun , dina saku katembong
aya duit sapuluh rebu.
Fikmin #Ulama Kahot#
Lembur kuring katelah Kota Santri. Bubuhan di lembur teh aya
ulama kahot anu kawentar ka mana-mana. Nu pang onjoyna teh dina widang qiroat.
Ti mamana, loba nu ngadon tolab elmu di
lembur kuring seja neuleuman elmu qiroat. Sabada jaman repormasi, aya perobahan
nu tumiba ka ulama ahli qiroat tea. Ti ditu ti dieu jul jol nu ngadeukeutan sangkan ulama kahot teh daek ancrub kana widang
politik. Nu di palar sangkan katokohan eta ulama bisa ngaronjatkeun sora eta parpol. Ti harita eta
ulama mindeng gunta ganti parpol, ti
parpol A tuluy ka parpol B, tuluy ka parpol C. Kadieunakeun mah katingali pamor
eta ulama teh geus mimiti surem nu
antukna nepi ka teu kacaturkeun deui aya di parpol mana. Saprak asup ka parpol
pasantren teu ka urus. Dina ka urusna ge ngan ukur dijadikan ajang kampanyeu.
Minggu kamari di lembur gujrud sabada manggih beja, aya jajaka nu katewak ku razia Satpol PP di hiji hotel, si horeng
eta jajaka teh anak bungsuna ulama
kahot.
Langganan:
Postingan (Atom)
Text widget
About

Fikmin #Reuni#

Lorem
- Artikel Agama (4)
- Artikel Pendidikan (21)
- Artikel Umum (15)
- Carpon (1)
- Fikmin Sunda (7)
- Puisi (7)
- Puisi Sunda (1)
- Resensi Buku (2)
Categories
- Artikel Agama (4)
- Artikel Pendidikan (21)
- Artikel Umum (15)
- Carpon (1)
- Fikmin Sunda (7)
- Puisi (7)
- Puisi Sunda (1)
- Resensi Buku (2)
Lencana Facebook
Diberdayakan oleh Blogger.
Labels
- Artikel Agama (4)
- Artikel Pendidikan (21)
- Artikel Umum (15)
- Carpon (1)
- Fikmin Sunda (7)
- Puisi (7)
- Puisi Sunda (1)
- Resensi Buku (2)
Labels
- Artikel Agama (4)
- Artikel Pendidikan (21)
- Artikel Umum (15)
- Carpon (1)
- Fikmin Sunda (7)
- Puisi (7)
- Puisi Sunda (1)
- Resensi Buku (2)
Labels
- Artikel Agama (4)
- Artikel Pendidikan (21)
- Artikel Umum (15)
- Carpon (1)
- Fikmin Sunda (7)
- Puisi (7)
- Puisi Sunda (1)
- Resensi Buku (2)