Minggu, 10 Juni 2012

Fikmin #Boneka#

“Mun uih nyanadak boneka kanggo Ima nya , Pa !”. Bapana nyampeurkeun, tuluy ngusapan buukna. Geus kitu mah bapana indit , norobos simpena peuting. Ti harita Ima remen nanyakeun ka indungna, iraha bapana balik, manehna hayang geura boga boneka, manehna hayang geura sare di barengan ku boneka. “Sabar …nya” kitu jawaban indungna. Teuing geus sabaraha puluh kali saban nanyakeun bapana jeung boneka ukur di jawab sabar. Bapana euweuh bejana, can karuhhan iraha datangna. Nu aya teh dua urang lalaki turun tina mobil tuluy ngobrol jeung indungna. Ti saprak  kadatangan tamu eta, saban ditanyakeun iraha bapa balik indungna kalah ceurik bari ngusapann buukna. Kadieu nakeun Ima kakaranya nyaho  yen cenah nu datang teh pulisi. Nya ti harita bapana teu datang deui. Harepan yen bapana bakal datang mawa  boneka tetep aya dina implengan Ima.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Text widget

About

Diberdayakan oleh Blogger.