Ku Iwan Ardhie Prieyana
(di muat dina Mangle, Juni 1988)
BEDUG Asar di tajug Mang. Romli.
Teu karasa waktu asa nyerelek. Ret kana jam nu ngadaplok luhureun lawang
enggon, geus jam tilu Ieuwih. Geus aya tilu jamna meureun diuk di dieu teh. Luhureun
meja majalah patulayah, hiji ge euweuh nu dibaca, asa ku wararegah.
"Geura mandi atuh Ida, geus burit ieu teh," cek Ema ti dapur.
Tara-tara ti sasari Ema make nitah mandi, da biasana ge mun rek mandi mah tara
kudu dibejaan, gebrus-gebrus was sadaekna. Mandi entong nya? Enya awak mah asa
bayeungyang jeung hareudang, padahal mah poe teh asa teu panas-panas teuing.
Di dapur kadenge sora nu keur popolah, mani brongbrang, kaambeu selengsengna
pais gurame, tapi teu dibere hayang, najan ti isuk beuteung can kararaban
nanaon ge.
Bangun nu rek hajat rongkah Ema popolah teh. Hayang nyugemakeun semah bakuna
mah, komo semah nu bakal datang engke peuting mah semah nu bakal jadi baraya,
kitu soteh cek pikiran Ema, da teu kitu cek kuring mah. Malah kahayang kuring
mah semah teh tong jadi datangna, lantaran tamu nu bakal datang engke peuting
teh nu maksa kuring pikeun ngayakeun perang tan- ding antara sora batin jeung
sora-sora nu jolna ti luar diri kuring.
Peuting engke teh meureun kuring jadi hakimna, hakim nu bakal mere putusan.
Hejo atawa bulao cek biwir kuring, bakal aya balukama, boh keur kuring atawa
keur kulawarga. Mun inget ka dinya, leketey. hate teh lir nu dipupul bayu. Da
cacak mun teu inget ka Ema jeung ka Ceu Edah mah nu sakitu haatna ka kuring,
kahayang mah kuring teh ngejat ti imah, teuing rek ka mendi, hayang nyingkahan
karudet nu ngukuntit ti poe ka poe.
Sakapeung sok jol aya rasa ngewa ka Ceu Edah teh, enya atuda manehna nu
ngalantarankeun kuring kudu wawuh jeung Kang Endin. Nyaho balukarna bakal pikieueun
mah baheula teh moal daek diajak nyiar ubar ka Bandung. Da enya baheula mah
maksud teh rek ngadon tatamba, da di lembur kuring mah euweuh Rumah Sakit nu
gede, paling ge ukur Puskesmas, an panyakit kuring tea lain ubaraneun
Puskesmas. Di Bandung ge ketah boa bisa kaubaran bisa henteu. Ngadenge teh di
Jakarta aya Rumah Sakit gede nu bisa ngubaran panyakit kuring teh. Ti mana
waragadna kudu ka Jakarta."Tatamba mah jojodoan Ida, lain kudu di Rumah
Sakit wae, ari geus kuduna cageur mah najan ukur dibalur ku cikur ge cageur
we," cek Bi Edah Bi Edah nyarita kitu teh pedah wae cenah di Bandung teh
lain rek diubaran ka rumah sakit.
"Ari ukur ka dukun mah atuh teu kudu ka Bandung Bi, di dieu ge
balatak," tembal kuring.
"Cek Bibi ge ieu mah jojodoan, keun wae sakalian titirah di ditu. Ulah
nguluwut wae di dieu. Sugan we di Bandung mah bisa ngabangbrangkeun
pikir."
"Ah sieun ngaripuhkeun Bibi, apan meureun tatamba teh kudu make
biaya.".
“Na ari Ida, pan di Bandung teh lain jeung dulur?" tembal Bi Edah.
Bakat ku mindeng mah Bi Edah ngolona, nya antukna hate kuring ge teu burung
leah. Keur mah eukeur Ema bangun nu atoheun aya nu rek nulungan teh. Malah pan
Ema pisan nu ngajurung jurung kuring sangkan kuring daek ka Bandung. Ari kuring
lain teu hayang ka Bandung teh, ngan nu kapikir teh pasti wae kudu ngari
puhkeun Bi Edah. Can ku biaya sapopoe, katambah biaya keur tatam¬ba meureun teu
cukup saeutik. Jeungna deui, asana ceuk kuring mah geus pondok pangharepan
panyakit kuring bisa cageur sabihara sabihari deui teh. Da panyakit teh lain
saminggu dua minggu atawa bubulanan. Geus meh ampir lima taun. Enya lima taun.
Waktu nu lain sakeudeung. Eta ge enggeus diubar¬aber ka ditu ka dieu, geus
puguh ari rumah sakit mah, cek paribasana ka dukun nu panglepusna ge geus
dilakonan. Tapi nepi ka kiwari can aya tapak-tapakna.
Lajengkeuneun
Teuing geus beak sabarahaeun waragad nu dikaluarkeun. Sedeng an Ema da teu boga
pangasilan nu kaitung gede. Ukur ngandelkeun tina pangsiun Bapa almarhum.
Jeungna deui uruseun teh lain kuring wungkul. Adi-adi kuring ge pan biayaaneun
da eukeur sakola. Ngadon hayoh we ngagugulung nu gering an nu cageur
kaluli-luli mah kuring ge teu mikeun. Mending boga duit mah pake ngabiayaan
adi-adi nu keur sakola, daripada dipake ngubaran kuring mah. Da puguh nu sakola
mah aya arep-arepeunana, lamun geus tamat teh bisa talang tulung. Sedeng ari
kuring? Mending mun bisa cageur, kumaha lamun henteu? Hanas biaya we gede.
Nyaho bakal kieu balukama mah mending baheula teh siga Ena we jeung Tuti nu
geus taya dikieuna. Jigana moal nyusahkeun kolot jeung dulur-dulur. Sakapeung
mun aya pikiran kitu sok geuwat istigfar. Gusti geuning abdi tos teu tumarima
kana takdir Anjeun. Meureun mana kieu ge ieu teh takdir ti Mantenna. Da dibere
salamet tur bisa hirup ge mangrupa barokah ti Anjeunna.
Mun keur kieu teh sok ras we inget kajadian lima taun ka tukang. Asa cikeneh
basa Ena jeung Tuti nganjang ka imah. Poe Ahad harita teh. Biasana babaturan
sakola teh sok silih anjangan, ngadon ngobrol atawa ngarujak.
"Urang ka Jubaedah yu," cek Tuti. "Ah embung jauh teuing,"
walon kuring.
"Pan make motor," cek Ena.
"Enya da motor ge ngan keur duaaneun, ari Ida moal diajak?" cek Tuti.
"Tiluan we atuh boncengan, da moal aya pulisi sugan."
Satadina mah kuring moal milu ari numpak motor kudu tiluan mah, sieun kuma
onam. Poe Ahad mah biasana rame di jalan teh, sieun aya tilang jeungna deui Ena
can boga sim. Pokona mah pikahariwangeun we. Ngan Ena keukeuh maksa,
meung¬peung aya motor cenah, urang mapay jalan lembur we ari sieun kapegat
pulisi mah. Antukna najan haroream ge kuring kapaksa ngilu. Ena di hareup Tuti
jeung kuring dibonceng ti tukang.
"Tong gancang teuing Ena," cekeng teh.
“-Bereslah, jangan kuwatir."
Motor nyemprung ka kidul mapay jalan lembur. Kuring tipepereket mun¬tang kana
cangkeng Tuti, da kuring pangtukangna. Beak jalan lembur bras ka jalan gede. Ti
dinya kudu meuntas da jalan anu ka lembur Jubaedah teh aya dina peuntaseun
jalan. Ti beh kidul kadenge sora klakson beus, motor eureun heula, gerung
gerung gas dilangsamkeun. Clak Ena min¬dahkeun gigi kana gigi hiji, karasa siga
nu disentakkeun bangun nu kararagok. Bareng jeung pindah gigi gas ngagerung
tarik, belesat motor mangprung motong jalan, bareng jeung datangna beus nu maju
tarik pisan, beus teu kaburu ngerem, "Ena..!!!" cek kuring jeung Tuti
meh bareng. jerit sora nu ting jarerit, les kuring teu inget.
***
Basa beunta teh geus aya di imah, pada ngariung-riung. Karasa leungeun jeung
suku pareurih.
"Ida sukur bageur salamet," cek Ema bari carinakdak. Sakur nu aya
harita kabeh melong ka kuring.
Masih keneh kaitung salamet kuring mah, da ukur bared saeutik urut
kapangpengkeun. Basa motor nyem¬prung teh kuring mah kabalangkeun kana jukut
gigireun jalan, ngan Ena jeung Tuti mah melesat maju jeung motorna, persis basa
beus rek ngaliwat. Kitu beja nu katarima ku kuring. Saminggu ti harita aya beja
ti ramah sakit, Ena jeung Tuti mah teu ckatulungan, da kaleyek ku beus. Ti
saprak katabrak nepi ka hanteuna wkuring teu kungsi panggih,heula jeung
maranehna, pileuleuyan Ena, Tuti.
Sabulan saprak kajadian tabrakan, kuring mah geus sabihara sabihari Najan masih
keneh baluas.
Ka dieunakeun karasa suku kenca sok cararangkeul, sugan teh cangkeul biasa we,
boro tara dikukumaha, ngan beuki lila angot beuki rongkah. Karasa cangkeul
jeung singsireumeun, diurut sababaraha kali ku M paraji di lembur teu aya
men¬dingna. Antukna dibawa ka dokter, kakara kanyahoan yen suku kuring teh jadi
kitu alatan tabrakan baheula keuna kana sarap. Beuki dieu suku kenca teh teu
bisa dihojahkeun, nya lamun leumpang teh kapaksa kudu digugusur. Diubar aber ka
ditu ka dieu euweuh robahna, suku kenca lumpuh teu katulungan deui.
Ti harita mah dunya teh asahieureut, ti poe ka poe teh idek liher di imah wae
da teu wani ari kaluar mah era, sieun pada moyokan.
Mun baheula bisa udar-ider ka ditu ka dieu suka bungah nyacapkeun mangsa
rumaja, saprak suku kuring lumpuh mah kaendahan jeung kagumbiraan teh leungit,
nu aya ting¬gal kasedih jeung katunggara nu taya wates wangenna.
Dina kaayaan kuring siga kitu, karasa kanyaah Ema nu ngocor lir cai pancuran nu
taya halodona. Ema nu ngurus jeung ngarasanan kuring kalayan ihlas bari teu
aral subaha atawa ngarasula. Katambah deuih kanyaah Bi Edah nu ngilu prihatin
kana nasib kuring, pan Bi Edah nu ngajak kuring ka Bandung sangkan kuring daek
cicing jeung manehna di Bandung.
Ngaliwatan Bi Edah kuring wawuh jeung Kang Endin, malah Kang Endin nu sok
nganganteur kuring mun kuring tatamba teh. Meh unggal poe manehna ngalongokan
kuring, bari rebo ku babawaan. Beurat pikeun kuring mah rek narima kanyaah batur
teh. Beurat da can tangtu bisa ngawalesna. Model kanyaah Kang Endin ka kuring.
Lain, lain kuring boga hate goreng ka manehna, ngan sok sieun aya balukarna
keur kuring.
Komo ieu ti lalaki, da saha lalakina atuh nu mere kahadean bari teu miharep
pamulang tarima.
Teu mencog geuning panyangka da basa hiji poe manehna ngebrehkeun eusi hatena.
“Kang Endin mah ngiring . prihatin kana nasib Ida." Cenah.
"Nuhun, katampi pisan," walon teh.
"Mun diwidian mah Kang Endin teh palay mikanyaah teh langkung ti nu
atos-atos."
"Maksad Kang Endin?" cekeng teh, api-api teu nyaho padahal sangkaan
mah geus teg ka dinya.
"Palay satungtung kumalendang Kang Endin namplokeun kanyaah jeung
kasatiaan ka Ida."
Can tammiat Kang Endin nyarita. hate mah geus miheulaan ngajerit. Gusti Nu Maha
Agung, kudu kumaha nya pijawabeun. Teu teu tega ari rek nampik kanyaahna mah
ngan ku naon atuh lelembutan teh teu daek narima jirimna dina sanubari kuring
nu pangjerona. Sagala kasaean Kang Endin jeung kanyaah Kang Endin teh katampi
ku asta galih kasuhun kalingga murda, mung perkawis nu bieu didugikeun, abdi
mah teu tiasa ngawaler.
"Ku naon ngabetem Id, ulah gurung gusuh bisi kaduhung. mangga we emutan
heula," cenah.
Ti harita mah asa teu betah cicing di Bi Edah teh. Da ayeuna mah pikiran teh
jadi ngarancabang. mikiran suku jeung mikiran Kang Endin. Suku mah jigana moal
cageur da geus am¬pir sabulan can aya tapakna. Bi Edah mah sigana geus ti
anggalna nyaho yen Kang Endin teh neundeun hate ka kuring. Malah ka dieunakeun
kanyahoan yen sakabeh biaya kuring teh ditangkes ku manehna.
"Eta mah kari kumaha Ida. Ida nu bakal ngalakonan. Ngan ceuk Bi Edah mah
Kang Endin teh rek enya-enya mikanyaah ka Ida, najan waruga Ida kasebut teu
sampurna ge. Pan alatan eta pisan nu nyababkeun Kang Endin rek mikanyaah ka Ida,"
cek Bi Edah.
Cukup Bi, cukup, Ida ge nyaho. lamun Ida nolak kana maksud Kang Endin, meureun
Ida teh kacida dipikaceuceubna ku Bibi. Teu meunang dipikanyaah, teu daek
mulang tarima, ah pokona mah Bibi bakal ngewa ka Ida lantaran mawa wirang ka
Kang Endin. Tapi Bibi moal ngarasakeun jeung ngarampa hate Ida nu pangjerona.
Najan dina kaayaan waruga Ida siga kieu, Ida hayang nembongkeun yen Ida bisa
mandiri. Najan waruga Ida teu sampurna tapi ka tau sampurnaan eta ulah dijieun
cukang pikeun ngadikte Ida. Najan kumaha wae oge, kahayang Ida sarua jeung
kahayang,batur nu normal. Teu bisa batur ngawasa atawa ngatur nasib Ida jeung
kahayang Ida, komo nu aya patula patalina jeung urusan jodomah.'Ida lain jalma
nu salawasna kudu dialas ku batur. Hampura Bi. sakali deui hampura, Ida geus
ngalan¬tarankeun Bibi jeung Kang Endin ngilu riweuh jeung prihatin.
Sababaraha bulan cicing di Ban¬dung kalah nambahan baluweng. Mending menta
batik we ka lembur, bebeja we ka Bi Edah mah sono ka Ema. keun ari pareng engke
tatamba mah rek dituluykeun deui. Kitu soteh poma ka Bi Edah, da ari ceuk hate
mah teu teu hayang deui ka Ban¬dung. Meureun mana kitu ge kuring mah geus
ditakdirkeun jadi jalma cacad.
Najan bari beurat, Bi Edah ngidinan, memeh batik deui ka Ban¬dung Bi Edah
ngaharewos, "Omat ulah nguciwakeun Kang Endin."
Dua minggu sabada cicing di lem¬bur jol aya surat ngabejaan yen Kang Endin rek
datang. Hayang nganjang cenah. Ah lain nganjang kitu wae,tapi rek menta
kaputusan ti kuring cek pikir teh.
***
"Ituh Si Ida. lain geura mandi, geus rek magrib ieu teh," cek Ema.
Ih geuning teu karasa geus magrib, enya meureun sakeudeung deui teh isa. pan
jangjina ge datangna Kang Endin teh bada Isa, ayeuna mah keur di jalan meureun.
Leos ka cai, basa ngaliwat ka dapur nu masak geus rengse, Ema keur cakah cikih
ngatur suguhkeuneun. Emh Ema hampura, meureun Ema kudu ngilu susah mun
kaputusan kuring teh tojaiyah jeung kahayang Ema. Tapi kuring yakin Ema boga
hate nu jembar jeung bisa ngarampa eusi hate kuring nu pangjerona.
Dur magrib di Masigit Mang Romli, sora Adan Jang Ahdi nu halimpu kadenge
hawar-hawar kabawa hiliwir angin, hate nambahan ketir.
Allohu Akbar, Gusti paparin abdi kakiatan. **