Minggu, 10 Juni 2012

Fikmin #Reuni#

Ret deui manehna kana arloji. Geus liwat satengah jam tinu waktu nu dijangjikeun. Telepon deui kitu? Teu kudu lah, da tadi ge Si Mamih sakitu jentrena, jam dalapan cenah. “Pokona  nu  ieu mah mantab we Bos, Janda Kembang…dijamin serpis memuaskan” kitu ceuk si Mamih teh. Nyebut janda kembang teh ras ka anakna nu cikal S Erni, geus sataun cenah rarandaan lantaran salakina ngancrud. Geus meh tilu taun manehna teu panggih jeung anakana sabada  ngilu  jeung pamajikanana nu geus dipirak lan taran kapanggih salingkuh jeung anak buahna. Teu kungsi lila aya nu ngetrok kana panto hotel bari dituturkeun ku sora halimpu “Selamat  malam. Om” bari bray panto muka, belenyeh awewe sampulur make baju ngepas pulas buereum. Ngan sajorelat eta imut awewe sampulur the    ngoceak . “Papihhhhh……” cenah bari ngagabrug. Manehna olohok bari istigfar. “Erni…!!.” Les kapiuhan.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Text widget

About

Diberdayakan oleh Blogger.